 |
| Gallery |
- Sing
teguh dina kayakinan sareng kasantrian dina Akhlaq laku lampah, predikat
diri sebagai santri/kiyai.
I.
PESAN UWA AJENGAN
- Barang
siapa santri Miftahul Huda yang melanggar kesantrian/kekiyaian, berarti
dia sudah melawan Guru.
- Anu
ngabawa batur, tergantung Iman urang ka Alloh, kuatkeun/kuasai
setrum nyaeta Iman ka Alloh.
- Ulah
mikirkeun Ilmu saeutik atawa teu boga modal.
- Ngurus
umat ku sakamampuan anu aya, ulah di luar kemampuan.
- Nagajak
Umat ku Akhlaq sorangan, mulyakeun al-qur’an di lembur masing-masing.
- Sing
daek da’wah, ceramah, tabligh, nyampaikeun hukum-hukum Islam di
masyarakat, ulah hayang panghareupan dina ririungan.
- Modal
pikeun di masyarakat diantarana : Tahlil, Khutbah, Da’wah ceramah resepsi,
talqin, ngurus mayit, nikahkeun, jeung babacaan do'a.
II. KUDU BOGA
MASYARAKAT
- Ulah
hayang siga Eceng Gondok ( teu boga pendirian).
- Ajeungan
kudu jadi senter di pamarentah, ulah jadi pion.
- Kudu
ngalibatkeun diri ka Masyarakat, Bantu nu susah, mere kabutuh, ulah
terjerumus kan
pama’siatan ,akraban tatangga jeung babaturan saleumbur.
III. KUDU TERANG
SEBAGAI KIYAI
- Sebagai
Pengajar/Pendidik
- Sebagai
Pelatih pelaksanaan pelajaran Ilmu kujalan mere conto anu hade.
- Sebagai
Pengasuh umat.
- Sebagai
Penanggung jawab agama islam di lembur masing-masing (bertanggung jawab kan islam kana maju
mundurna Islam nyaeta Ulama) maka antara sarat-sarat Ulama nayaeta :
Ø
Bener
dina omongan, laku lampah, tekad anu lurus karena Alloh.
Ø
Kapercaya
/Jujur.
Ø
Pinteur
dina sagala bidang (ekonomi / Agama).
Ø
Ajengan
wajib nyaho pengetahuan umum, perkembangan zaman , kejadian-kejadian luar,
kemajuan dunia tina majalah, Koran, internet,Radio TV, dll.
- Kudu
deukeut jeung Alloh setiap saat (Muroqobah) langgeung wudlu, maca Qur’an,
tancebkeun jihad berjuang di jalan Alloh.
- Kudu
ngajadi Pemersatu umat
- Ulah
repeh kana kama’siatan tong cicing pedah sieun ulah kaluar tina
kapamarentahan.
- Anu
pangheulana di tingali rek nyieun Pondok / Imah nyaeta Cai, sabab
cai sumber utama Rezeki.
- Ibadah
keur teu ibadah ulah hate condong
kana dunya.
10.
Tanamkeun dina hate rasa tawakal dina sakabeh perkara
ka Gusti Alloh
11.
Buktikeun
Iman anu aya dina hate, sabab tanpa bukti moal aya kamanfaatan.
12.
Kudu
apik dina bertindak paripolah, nyarita, lamun teu bisa apik leuwih hade repeh.
13.
Sakabeh
anu dicaritakeun kudu aya manfaatna pikeun diri jeung pikeun umum.
14.
Kudu bungah hate narima cocoba, jeung rasa nalangsa lamun
teu aya cocoba, sabab cocoba ciri nyaah Alloh ka diri.
15.
Maraneh
kudu Istiqomah naha
bae kaayaan bungah, sedih, susah).
16.
Tong
lempang dina kahayang, tong cicing dina embung.
17.
Ulah
leumpang, ulah cape, ulah rasa rugi, ulah eureun, ulah cicing , lamun can
meunang.
18.
Kudu
leumpang dina kudu , kudu eureun dina ulah, iyeu mangrupakeun kunci salamet.
19.
Ulah gampang narima sejarah, lamun bertentangan jeung
al-Qur’an atawa al-Hadits.
20.
Anjeun
kudu sieun lamun awak anjeun kaasupan dosa leutik atawa dosa gede, jauhkeun
diri tina gawe ma’siat (Panon, leungeun, ceuli, dll.).
21.
Anjeun
kudu ngajaga akhlaq tina kagorengan, tunjukeun akhlaq anjeun anu hade , hadean
kababaturan jeung kamasyarakatan, ka Ibu rama.
22.
Ulah
lesot hate anjeun tina eling ka Alloh dina kaayaan kumaha wae (sedih, bungah,
susah).
23.
Anjeun
kudu kuat (mental baja) menghadapi tantangan jeun rintangan di lembur
masing-masing, hadapi ku Akhlaq masing-masing.
24.
Hirup
kudu mere picontoeun hade kabatur, ku basa ku polah ku tingkahlaku (ulah
poyokeuneun).
25.
Ulah
eureun nambahan ilmu boh ladang maca tawa ladang nanya, ulah waka sare salagi
can nambahan ilmu.
26.
Sampurnakeun
dina sagala Ibadah, sing tartib pasunatan anu mawa diri ka Alloh terutama dina
waktu-waktu ijabah, sing daek nyaring ti peuting.
27.
Ulah daek papaseaan jeung dulur papada rukun, komo dulur
saturunan, ulah ngalibatkeun diri kana kancah
perpecahan sabab sumber kalemahan teh papaseaan, modalna nyaeta sabar.
28.
Anak
turunan wajib diusahakeun tileuleutik supaya kuat Iman Islamna bener laku
lampahna ulah diajar ma’siat pepejeuh ngawarah anak ulah nagndeulkeun batur.